Selasa, 24 Maret 2015

Leuweung Baheula

Baheula leuweung teh hejo ngemploh ku tatangkalan jeung jarang manusa anu asup ka jero eta leuweung, da dileuweung aya anu ngajagana, sahingga leuweung jadi tempat cicing atawa tempat hirup sasatoan anu aya di jero leuweung samalah jadi kamakmuran keur manusa anu aya disabudeureun eta leuweung, da leuweung jadi sumber kahirupan manusa , 
Sabab dieta leuweung aya anu ngajagana , saha jeung naon ari anu ngajaga leuweung ? teu aya sanes nyaeta MACAN/MAUNG, ieu sato dipikasieun ku sato anu sejena bahkan kumanusa, cenahmah galak jeung wanian euweuh nuwanieun kamanehna, eta anu nyababken leuweung ka jaga tetep jadi leuweung, Tapi kiwari sangges leuweung diganggu kumanusa MACAN/MAUNG nyaringkah euweuh ti eta leuweung jadi weh leuweung ruksak, anu akibatna musibah dimana-mana boh banjir boh kagaringan atawa longsor,
Gambaran eta bisa jadi gambaran kahirupan di masyarakat, bakal ruksak kahirupan dimasyarakat lamun euweuh macanan atawa euweuh jalma anu boga sifat macan tanda , kiwari hese lamun rek ngajadikeun leuweung siga baheula da geus euweuh anu jagana, lembur oge kitu, kusaba kitu kuring boga karep keur MAGER LEMBUR jeung NGAJAGA BUMI supaya tetep kajaga kaamanan jeung katartiban ieu lembur, ku cara nanjeurkeun SABILULUNGAN


Jalmi Alit


Tidak ada komentar: