Selasa, 24 Maret 2015

Carita ki Sunda

Ceuk si aki Nagara urang, nagara anu gede oge nagara anu beunghar ku kakayaan alamna lamun ningali kana kaayaan Nagara urang, sakuduna rakyatna oge marakmur 
Tapi kunaaon ieu bangsa ti mimiti merdeka neupi ka poe ieu anu nambahan teh kalah Kasangsaraan jeung hutang, lain kamakmuran padahal asa teu perelu boga hutang ari sabenernamah, lamun urang nyokot pelajaran nagara urang teh nagara anu pernah dijajah ku bangsa deungeun, cik pikir ari anu di jajah ku urang deungeun nagara sangsara atawa nagara beunghar, atawa ari garong lamun arek ngajarah asup ka imah anu sangsara atawa ka imah jalma beunghar, pastina ka imah jalma beunghar
Kitu oge ieu nagara urang matak di jajah ku batur oge hartina ieu nagara beunghar, ngan kunaon atuh urang salaku rakyat kalah mariskin,
Naha nya ki ?
Henteu naha sabab nagara urang anu sabenerna karek bisa ngusir penjajah teh runggunak jalmana wungkul da ari sipat jeung tabeatna mah kalah dikarukut ku bangsa urang sorangan,
Contona kumaha ki ?
Ah ari ilaing na teu nenjo, sanes kitu ki pan abdi mah can apal sipat jeung tabeat penjajah teh ?
Ceuk si aki Ke deui ah ka buru beurang arek ka kebon ...................


Tidak ada komentar: